Tatakrama basa Sunda nyaéta ragam basa Sunda (diksi) anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana Istilah tatakrama basa Sunda numutkeun hasil Kongrés Basa Sunda taun 1988 di Cipayung, Bogor, dipaké pikeun ngagantikeun istilah undak-usuk basa Sunda. Alesanana nyaéta lantaran undak-usuk basa awalna dimaksudkeun salaku panta-panta basa pikeun ngabédakeun kaayaan sosial masarakatna. Sedengkeun tatakrama basa Sunda dimaksudkeun pikeun silihormat jeung silihajénan BASA LOMA/BASA HORMAT = Sahanteuna aya dua ragam dina tatakrama basa Sunda, nya éta basa hormat jeung basa loma. Basa hormat umumna dipaké dina suasana resmi, nyarita jeung nu dipihormat, ogé nyarita jeung nu can wanoh. Sedengkeun basa loma umumna dipaké dina suasana loma atawa jeung batur nyarita nu geus loma BASA KASAR = Sabenerna aya hiji deui ragam basa Sunda, nyaéta basa kasar atawa garihal. Ragam basa ieu sok dipakéna sawaktu keur ngambék, nyarékan, paséa, ngécé, atawa ka sato. Tangtuna lantaran kasar, ragam basa ieu teu kaasup kana tatakrama.
Gaganti ngaran hormat ka sorangan
akang
akang
hormat ka batur engkang
kuring / déwék / urang
abdi / sim kuring
...
kuring saréréa
abdi sadayana
...
maneh / hidep
...
anjeun
manehna
...
anjeunna
pribadi
pribados
ku anjeun
sorangan
sorangan
nyalira
loma
Pancakaki loma
hormat keur sorangan
hormat keur batur
adi
pun adi
tuang rai
aki
pun aki
tuang éyang
alo
pun alo
kapiputra
anak
pun anak
tuang putra
bapa
pun bapa
tuang rama
baraya / dulur
réréhan / wargi
wargi
bibi
pun bibi
tuang ibu
budak
budak
murangkalih
cikal
anak cikal
putra pangageungna
deungeun-deungeun nu sanés / sanés wargi nu sanés / sanés wargi incu