Resensi Buku Basa Sunda Ku : Dwi Lestari Rohadirja 9B
Resensi 1. Wasta : Dwi Lestari Rohadirja 2. No. Absen : 06 3. Kelas : 9B 4. Jenis : Non fiksi 5. Judul : PEDARAN BASA SUNDA 6. Pangarang : Drs. Yayat Sudaryat, M. Hum 7. Penerbit : CV. GEGER SUNTEN Bandung 8. Cetakan : 1985 9. Kandel : 140 halaman 10. Tingkesan : “
”
Ieu buku Pedaran Basa Sunda teh diajangkeun keur siswa SMTA (SMA jeung SMKI), mahasiswa PGSD, jeung para guru basa Sunda. Bahan nu nyumponan salahsahiji aspek, nya eta pangaweruh basa Sunda. Ku kituna, anu baris dipedar teh umumna ngawengku hal-hal nu sipatna tioritis. Najan kitu, dieuyeuban ku conto-conto pikeun leuwih ngajenterkeun tiori tea. Bahan-bahan anu dipedar dina ieu buku ditarekahan ngarah luyu jeung pameredih Kurikulum SMA 1984 Garis-garis Besar Program Pangajaran (GBPP) Basa jeung Sastra Sunda. Eusina diwangun ku tilu bagian. Bagian mimiti medar perkara basa, fungsi, hakekat, jeung adegan basa. Bagian kadua medar kamekaran jeung adegan basa Sunda saperti : fonologi, morfologi, sintaksis, jeung semantik. Bagian pamungkas medar perkara bagbagan makena basa Sunda, ragam basa, dialek, jeung tatakrama basa Sunda. Tangtu bae, ieu buku teh rea kurangna. Perkara eta mah moal rek disumputsalindungkeun, rek balaka bae. Atuh dina aya sawatara tiori
anu teu parok jeung batur, ngahaja deuih malahmandar jadi bahan adu catur geusan ngahususkeun panemu mana nu kurang surup jeung mana anu sulaya. Ku kituna, panggeuing katut pamyawad ti sugri sadayana keur nyampurnakeun ieu buku, teu weleh dianti-anti.
11.
Kamandang :
Ieu buku teh lengkep ku rupa-rupa informasi ngenaan adegan (struktur) basa Sunda, geus nambahan deui bae bahan bacaeun ulikan parasiswa. Parasiswa anu aya karep diajar basa Sunda kalawan gemet tur imeut, tinangtu bakal mikawanoh enya-enya kumaha ari jenglengan struktur basa Sunda. Ku lantaran kitu, bisa diarep-arep sabada siswa ngarengsekeun maca ieu buku, maranehna bakal bisa ngagunakeun basa Sunda anu hade tur bener. Hade nurutkeun katangtuan cara make, kaayaan jeung ragam basana. Benda nurutkeun papagon tata basana