DRAMA BASA SUNDA 1. 2. 3. 4. 5. 6. 7.
M. Fariz Suci Alviani Feri Irsanto Hana Kamilah Dhafin Collin Ferina Julia Sarah Sabrina
salaku salaku salaku salaku salaku salaku salaku
Pahlawan Calon Istri Belanda Istri Belanda Ajudan 1 Ajudan 2 Ibu Calon Istri
Perang Cinta Hiji poé, aya dua rumaja anu keur ngobrol di warteg. Namina Suci jeung Fariz. Fariz : Enéng. Suci : Naon akang ? Fariz : Ngan nyauran wungkul :D Suci : Ih, si akang mah genit (Suci nyandak lauk) Fariz : Éhh entong Suci : Kunaon kang ? Fariz : Pan hémat héhé Suci : Ah, dasar pedit! Hayu balik ah Fariz : Hayu atuh ku akang dianteurkeun Suci : Maké motor? Fariz : Leumpang wé atuh da deukeut. Pan hémat,nya? Suci : Heueuh lah kumaha akang! Hayu bisi kapoékan dijalan. Di bumina Suci Fariz & Suci : Assalamualaikum! Sarah : Waalaikumsalaaam, éh geus daratang deui geningan Fariz : Sumuhun bu
Sarah : Kumaha wareg tuang téh ? Suci : Ah nya kitu wé bu Sarah : Hayu atuh di lebet ngobrolna Fariz : Kieu bu, abdi téh ka dieu badé nyuhungkeun doa restu ti ibu Sarah : Doa naon atuh cép da ibu mah unggal dinten ogé sok ngadoakeun Fariz jeung Suci Suci : Ah maenyaaaa? Fariz : Aduh haturnuhun bu, énjing téh Fariz badé ka médan perang, pang doakeun sing lancar supados engké lamun Fariz uih, Fariz tiasa ngalamar Suci Sarah : Sok ku Ibu didoakeun mugi-mugi cép Fariz lancar ngajalankeun tugasna jeung tiasa balik ka dieu dina kaayaan séhat walafiat pikeun ngalamar Suci. Amin Fariz & Suci : Amin Fariz : Hatur nuhun pisan nya bu kanggo doana. Abdi badé wangsul ka bumi heula. Assalamualaikum Sarah & Suci : Walaikumsalam Suci : KDJ kang! Fariz : Hah? KDJ? Suci : Kadé di jalan maksudna Fariz : Ooo Samentara éta, aya pasangan suami-istri urang Walanda namina Feri jeung Hana. Aranjeunna geus 10 tahun nikah tapi teu ogé dipasihan katurunan. Di imahna, aya ogé 2 ajudan anu sok ngajagaan, nyaéta Ferina jeung Dhafin. Hiji poé di imah urang Walanda.. Feri : Meni sepi kieu nya imah téh, coba lamun aya budak leutik mah Hana : Maksud manéh naon fer ngomong kitu? Cik atuh sabar, da urang geus usaha, manéh meureun nu mandul! Feri : Wawanian manéh, dasar boga pamajikan téh teu aya sopan santun pisan Hana :Manéh tah lalaki teu bener Feri : Eh kalahka ngalawan (ngajambak rambut Hana) Hana : Nyeri euy (narik baju Feri)
Ferina : Pin, éta duaan keur gelut, pisahkeun yuk Dhafin : Nami urang Dhafin, maké F lain maké P! Ferina : Heeuh lah, kumaha Dhapin. Yuk ah bisi kaburu aya darah nu bahé Dhafin : Sok Ferina & Dhafin : STOOOOP! Hana : Naon manéh pipilueun waé (dorong Ferina) Feri : Ditu! (dorong Dhafin) Tiba-tiba.. Hana : Sakedap, abdi boga idé nu alus. Ferina, kadieu fer! Ferina : Sumuhun juragan, aya naon? Hana : (bisik-bisik) Supaya abdi boga budak, kumaha lamun abdi néangan salaki nu anyar? Ferina : Astagfirullah, insyaf insyaf. Éta téh pan dosa, juragan Hana : Geus lah teu nanaon, ayeuna déngékeun tugasna. Manéh kudu bisa nyari lalaki anu kasép, soméah, ya nu sikepna alus pokokna mah. Ok? Ferina : Tapi.. Hana : Tapi naon? Manéh hayang dipecat? Ferina : Teu teu teu. Abdi bakal ngajalankeun tugas nu dipasihan ku juragan Hana : Tah alus. Sok derkeun ah Ferina : Siap juragan Di sebelah.. Feri : Fin, kadieu fin Dhafin : Sumuhun juragan. Aya naon? Feri : Abdi téh hayang pisan boga budak, kusabab éta pang neangan awéwé anu geulis nya fin Dhafin : Hah? Juragan badé kawin deui? Feri : Nya heeuh Dhafin : Néangan dimana juragan?
Feri : Dimana wé atuh, lamun geus nimu nu geulis langsung bawa kadieu. Ulah ditunda-tunda Dhafin : Siap juragan Dina saminggu, Ferina jeung Dhafin geus nimu jelema nu dipikahayang ku pamajikanana.
Ferina : Ieu juragan. Hayu atuh ka lebet Fariz : Kenalkeun, nami abdi Fariz Hana : Ooo Fariz. Nami abdi Hana. Supados ngobrolna leuwih akrab, urang ka taman yuk! Fariz : Hayu waé abdi mah Hana : Oya, Fer punten jagaan di tukang bisi aya nanaon Ferina : Seeeeep Dhafin : Juragan, kadieu geura Feri : Éh naha jadi manéh nu nitah aing? Dhafin : Oh heueuh poho, yeuh abdi geus nimu awéwé pikeun juragan Suci : Nepangkeun nami abdi Suci Feri : Ih geulis, abdi Feri. Dhafin : Sok atuh supados leuwih akrab, hayu urang ka taman! Feri : Dhafin, jagaan! Dhafin : Mangga juragan Di taman Hana : Éh éta my husband aya didinya jeung saha? Feriiiiiiiii! Feri : Hanaaaa? Fariz : Enéng? Suci : Akang? Ferina : Dhafin? Dhafin : Ferina?
Feri : GANDÉÉÉÉÉNG!! Naha aya di dieu kabéh? Hana : Ih teuing atuh Suci : Akangtéga nya akang ka abdi Fariz : Ah, enéng ogé jeung urang Walanda éta Suci : Ya atuh da akang hémat hémat waé, enéng kan keuheul Ferina : Abdi mah dittitah ku juragan Feri, abdi teu apal nanaon Dhafin: Abdi gé dititah Hana : Dasar awéwé jalang! Ngarebut salaki urang Suci : Manéh ogé ngarebut calon salaki urang Tiba-tiba Hana némbak Suci Fariz : Eneeeeng ! Kabéh masalah pasti kulantaran manéh ! (Fariz jeung Féri paséa) Feri : Dasar urang kampung, moal bisa ngalahkeun urang (Feri némbak Fariz) Hana : Dasar salaki teu aya gunana, teu bisa dipercaya pisan (Hana némbak Feri) Sarah : Dasar urang walanda, geus ngajajah Indonesia, ngabunuh budak awéwé abdi, ayeuna ngabunuh calon mantu abdi (Sarah némbak Hana) Ferina : Ieu nini ngaganggu waé, geus paéhan wé lah (Ferina némbak Sarah) Dhafin: Yéééééééé. Lamun urang kawin, bisa leuwih beunghar loh Ferina : Jadi anjeun ngajak kawin ? Dhafin : Ah teu ogé sih Ferina : Tapihayu Ahirna, Ferina jeung Dhafin kawin jeung jadi salah sahiji kaluarga nu kasohar ku kabeungharanana.