KODE DOKUMEN NEGARA
MK-P8-U7
SANGAT RAHASIA
US KANTOR KOTA DEPOK KEMENTERIAN PENDIDIKAN MENENGAH UJIAN SEKOLAH (US) PELAJARAN 2016/2017 LEMBAR SOAL
MATA PELAJARAN : Basa Sunda KELAS : XII PROGRAM : Pemasaran
DIUJIKAN PADA HARI, TANGGAL PUKUL
: Kamis, 23 Maret 2017 : 07.30 – 09.30 09.30
PETUNUJUK UMUM
1. Dimimitian maca basamallah saméméh prak migawé soal, lamun geus réngsé tungtungan ku ngucapkeun hamdallah. 2. Jawaban dipigawé dina lambaran husus (LJK) anu disayogikeun ku panitia. Boh pilihan ganda, boh uréyan ditulis ngagunakeun pulpén warna hideung. 3. Lamun seug jawaban pilihan ganda aya nu kaliru bisa dibenerkeun ku cara ngabuleudan jawaban anu salah, lajeng cakra/silang jawaban anu dianggap bener. 4. Heulakeun jawaban anu dinggap babari tur yakin benerna. 5. Lamun geus réngsé migawé soal luwangkeung waktu keur mariksa deui lambaran jawaban j awaban bisi aya nu kaliru, ogé bisa ngaran, nomer ujian, jeung idéntitas séjénna can dieusian.
I. Pilih jawaban anu bener ku cara nyakra (X) dina salah sahiji kolom lambaran jawaban anu geus disadiakeun.
Kolot téh tunggul rahayu tangkal darajat, sabab Gusti moal ngahampura lamun teu dihampura ku indungna jeung ku bapana. Sedengkeun lamun urang doraka ti indung ti bapa, lamun di lembur kai randu lamun di leuweung kai dangdeur, dipaké pangheret bingkeng, dipaké pamikul bengkung dipaké suluh teu ruhay mantak baluweng anu niup. Lir hirup hir up cara gamparan awak ditincak beuheung dicekék paling untung manggih kokotor. Dicutat tina : Pagelaran Pagelaran Wayang Gol Gol ék Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya.
1. Ungkara di luhur méré amanah ……………. A. Hormat ka ibu rama D. Béla ka ibu rama B. Nyaah ka ibu rama E. Cinta ka ibu rama C. Bakti ka ibu rama 2. Gusti Allah moal ngahampura lamun teu aya hampura ti ibu rama. Katerangan ieu kaunggel dina ....... A. Al Qur’an D. Qiyas B. Al Hadits E. Qoul Ulama’ C. Al Ijma’ 3. Dina Al Qur’an digambarkeun digambarkeun yén doraka ka ibu rama téh nyaéta ulah ngucapkeun “ah”, “cis”, jst. fala taqul lahuma lahuma uff… ) maksudna nyaéta ...... ( fala A. Nyentak kolot ku ucapan anu kasar kasar B. Teu meunang ngadebat kanu jadi kolot C. Teu meunang mapatahan nu jadi kolot D. Tong campelak, teu sopan ka kolot E. Beuratna doraka nganyenyeri ka nu jadi kolot 4. Kai randu téh biasa dimangfaatkeun pikeun ..... A. Bagisting D. Tihang
B. Kusen E. Jait C. Usuk 5. Buah randu biasana disebut ...... A. Kapas D. Busa B. Kapuk E. Jantung C. Serat 6. Anu disebut pangheret dina wangunan imah nyaéta .... A. Palang anu manjang di luhureun bilik atawa érang-érang handapeun rangki B. Palang anu motong di tungtung bilik handapeun rangki atawa kakalong C. Kai pamageuh antara tihang jeung jait anu petakeun sacara diagonal D. Papalang suhunan sahandapeun turub atawa wuwung E. Pamérés kenténg/hateup beulah tungtung 7. Suluh teu ruhay, hartina …………….. A. Seuneuna nguntab-nguntab D. Teu aya seuneuan B. Seuneuna teu daék hurung E. Kudu ditiupan baé C. Suluh teu daék teurak 8. Anu dimaksud pamikul, sasaruaan kecapna nyaéta …. A. Rancatan D. Gogotong B. Salang E. Awi C. Tangkal 9. Lamun beuheung larapan kecapna nyaéta “dicekék”, lamun baham jeung soca larapan kecapna
nyaéta ... A. Colok – toél D. Toél – bekem B. Bekem – pencét E. Bekem – colok C. Pencét – colok 10. Doraka ti indung-bapa téh mantak ngabalukarkeun nu jadi anak ..... A. Moal dirizkian ku Gusti Allah B. Moal barokah kahirupanana C. Moal dipanggihkeun jeung kabagjaan D. Moal dibéré kasehatan awakna E. Moal dipanjangkeun umurna 11. Dongéng anu ngagambarkeun kahirupan sato bisa saperti kahirupan jalma, nyaéta ..... A. Mitos D. Legenda B. Sagé E. Pamohalan C. Fabel 12. Jurudemung, Pangkur, Gurisa, Ladrang disebut ngaran ..... A. Tempat buhun D. Pupuh buhun B. Lagu buhun E. Kakawihan buhun C. Dongéng buhun 13. Kecap banganteur “blak” jeung “blok” luyu jeung kecap ..... A. Labuh – emok D. Labuh – nangkuban B. Nangkarak – bahé E. Beulah – tamplok C. Beulah – nangkuban 14. Arjuna disebut satria panengah pandawa, ngaran séjéna nyaéta .... A. Brataséna D. Wibisana B. Basudéwa E. Janaka C. Kumbakarna 15. Raja Dasamuka anu ngarajaan di nagara Aléngkadwirja ngabogaan ngaran séjén nyaéta Prabu ..... A. Dastrarata D. Mahésajenar B. Rahwana E. Siliwangi
C. Basudéwa 16. Budak gendut sok mindeng disebut “Si buleng kurupuk”, sedengkeun nu begang sok disebut “Si congcorang.” Sesebutan sejen tina sipat jalma nu kitu téh disebut ......
A. Alias
D. Katelahna
B. Mapantes
E. Lalandian
C. Ngira-ngira 17.
3.
4.
5.
6.
1. ngagalatik
2. basa
4. pareng
5. ngaronyok
3. nyugak
Inggis ku bisi, rémpan ku ...... Bengkung ngariung, bongkok ..... Lamun keyeng, tangtu ...... Kalimah anu luyu jeung purwakanti basa keur ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta ..... a. 1, 2, jeung 3 D. 3, 5, jeung 4 b. 2, 3, jeung 4 E. 2, 5, jeung 4 c. 3, 4, jeung 5 .................................................., capétang balas miwarang. Keur ngalengkepan kalimah saméméhna, nyaéta ........ a. Batin ceurik ngajerit maratan jagat b. Harus ngomong batan goong c. Bentik curuk balas nunjuk d. Caringsing pageuh kancing e. Langkung saur, bahé carék Lengkepan kalimah di handap ieu ku kecap panganteur. Na ari ......... téh ngagabrug ka indungna. ......... ceurik, tuluy ..... nangkuban dina kasur. Ari bapana kalahka .... nyarékan. a. soloyong – segruk – bluk – kawawang. b. gabrug – segruk – bluk – gantawang. c. sorontol – goak – bru – kowowong. d. gabrug – goak – blug – corowok. e. séak – hing – blug – polotot. Mikahayang anu pamohalan kasorang, paribasa anu luyu nyaéta ........... a. Anjing ngagogogan kalong b. Buruk-buruk papan jati c. sing inget ka purwadaksi d. mun diarah supana kudu miara catangna e. lir ibarat anak hayam leungiteun indung Titénan sajak di handap ieu : Bras sumping kadieu cunduk dina waktu nu mustari wanci kieu, wanci haneut moyan lir haneutna amparan haté urang Bagéa nu anyar sumping Pa Tata pibapaeun urang sadaya urang sungsung ku pangwilujeng urang papag ku pangbagéa. (Tina : Panggelar Sastra)
Sajak di luhur nyaritakeun kaayaan .....
a. paturay tineung D. ngawaro tatamu b. pangbagéa E. ngajajapkeun c. mapag pangantén 7. Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan ..... hartosna nyaéta ..... a. Rido galih soleh manah b. Awéwé geulis lir caang bulan c. Sing rajin beberesih d. Si nyai purun si akang daék e. Geus manggih jodo anu cocok 8. Dina hakékatna digunakeunana ragam hormat téh taya lian pikeun némbongkeun rasa hormat ti
nu nyarita ka nu diajak nyarita jeung ka saha nu dicaritakeunana. Ragam Basa Hormat diantawisna, iwalti ...... a. Ragam Basa Lemes Pisan/Luhur; b. Ragam Basa Rada Lemes/Luhur Loma; c. Ragam Basa Lemes keur Batur; d. Ragam basa Lemes keur Pribadi/Lemes Sedeng; e. Ragam Basa Lemes Kagok/Panengah; 9. Kecap wilujeng, lamun ditarjamahkeun kana Bahasa Indonésia nyaéta ...... a. bahagia D. sentosa b. selamat E. makmur c. sejahtera
CARPON Balik ka imah, brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho batur nu ngantay rék milu ka cai. Geus rényom kadéngéna. Si bibi rék nyeuseuh mah, ki Momo rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari nyindir. “Abong lila bubujangan, mandi gé lila. Iraha kawin, J ang?” pokna bari seuri ngahahah. Geus
remen nu nanya kitu téh, tapi sok tara dilayanan. Bubuhan kakeuheul geus manteng. Mun seug ki Momo lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah. Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung. ( http://saungdedimlyd.web.id) 10. Carita pondok kaasup kana rupa karangan ..... a. Bebas D. Singkat b. Narasi E. Fiksi c. Nyata 11. ....brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Kecap “brus” disebut kecap .... a. Asal D. Panganteur b. Rundayan E. Pangantét c. Rajékan 12. Anu dimaksud batur ngantay téh nyaéta .... a. Ngajajar D. Ngagunduk b. Ngantri E. Jul-jol c. Ngabrul 13. Kecap “ngékéak” lamun dibahasaindonésiakeun nyaéta ..... D. Memarahi a. Menghina b. Mengomel E. Mencemooh c. Menegur 14. ... tapi sok tara dilayanan. Hartina nyaéta ....... a. Teu didéngé D. Teu digugu b. Teu dipaliré E. Teu dianggap c. Teu ditolih
15. .....seungit bakona néjéh liang irung...., maksdu kecap “néjéh” nyaéta ...... a. Nyejek D. Nalapung b. Nyepak E. Kaambeu c. Kasingreup 16. Nu dimaksud karangan bahasan téh nya éta … a. karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana data jeung pakta nu bisa b. c. d. e.
dipertanggungjawabkeun. Karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana biodata jeung kabiasaan nu bisa dipertanggungjawabkeun. Karangan nu eusina ngabahas hiji carita boh piktip atawa non piktip Karangan nu eusina ngagambarkeun hiji kajadian. Karangan anu kauger ku aturan anu geus ditangtukeun
17. Sari tina pedaran karangan bahasan disebut ogé … a. Kacindekan b. Saran c. Pedaran d. Bubuka e. Panutup 18. Manéhna … sarua ngan ukur tamat SD a. ogé D. baé b. kieu E. heula c. mah 19. Bakating ku tunduh … manéhna saré dina korsi. D. sek a. guher b. am E. ker c. clak 20. Dina pelebah ngalapalkeunana dialog drama kudu dibarengan ku … a. Inprési D. Improptu b. Ékspresi E. Kreasi c. Aspirasi 21. “Urang sungsung ku pangwilujeng...”. Harti kecap sungsung nyaéta ...... a. sambut D. waro b. papag E. hormat c. bagéa 22. Janggawaréng nyaéta sebutan turunan tingka ka- ....... a. hiji D. opat b. dua E. lima c. tilu 23. “Taya geuneuk taya maleukmeuk, lir caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan.” Kalimah éta ngagambarkeun yén urang Sunda téh ilaharna ...... a. cinta damai D. soméah b. moronyoy siga bulan E. nyawang bulan c. béar budi 24. Titénan kecap-kecap di handap ieu : 1. Pancén 4. Ajén 2. Tatanén 5. Wawanén 3. Panén 6. Papastén Anu teu kaasup kana kecap “aworna dua ponem” nyaéta .....
a. 1, 3, jeung 4 b. 2, 4, jeung 6 c. 1, 2, jeung 5
D. 4, 5 jeung 6 E. 1, 3, jeung 5
25. “Pribumi kaéléhkeun ku sémah”. Kalimah ieu harti tina paribasa ...... a. adat kakurung ku iga b. kawas ucing jeung anjing c. agul ku payung butut d. jadi sabiwir hiji e. jati kasilih ku junti II. Jawab ogé garap soal-soal uréyan di handap ieu ku tulisan anu jelas, nyorang kana kekecrak kaidah basa Sunda anu hadé.
1. Lengkepan undak-usuk basa minuhan tabél di handap ! Kasar Pisan
Kasar
Sedeng
Lemes
Lemes Pisan
Dahar Saré Gogobrog Pemuenteu Gaduh 2. Lengkepan kecap di handap ieu ku kecap panganteur ! a. ........... diuk b. ........... turun c. ........... nangkarak d. ........... nangtung e. ........... hudang 3. Hartikeun babasan di handap ieu ! a. Panjang leungeun …………………………………………………. b. Hampang birit ……………………………………………….. c. Ipis biwir ……………………………………………. d. Sakulit bawang …………………………………………. e. Bujang tarangna ………………………………………… 4. Sebutan tokoh wayang : a. Pandawa anu lima! b. Punakawan/pawongan pandawa anu opat! 5. Jieun hiji tatarucingan, lekepan jeung jawabanana ! Conto : “ari keur turun laun pisan, ari keur naék mani gancang sakilat” naon anu kitu? Jawaban : nyingreup umbel