ANALISIS NOVEL
“
SI KABAYAN NGALALANA
KELOMPOK : -GERI -RIKI F -SARAH A -ARGY C -KHAIRULLNISA
”
Judul Buku
: Si Kabayan Ngalalana
Pangarang
: M.O.Koesman
Penerbit
: PT Kiblat Buku Utama
Taun medal katut citakanana: Citakan ka-1, Shafar 1435 H./Desember 2013 Kandel Buku
: 72 kaca
Harga Buku
: Rp.12.000
Rangkuman
:
di bab ieu dicaritakeun kabayan nu keur Ngalalana, kabayan nyarita ka mitohana, Si Kabayan teh, Lain rek neangan pagawean atawa nu sejen tapi nambahan pangalaman jeung balik ka lembur deui sakumaha betahna bari jangjikeun ngirim pangalaman, bari teu mawa bekeleun sarta moal nampi pangmere batur iwal mun geus digawean kabayan, pas si kabayan reureuh panggih 3 pamuda nu nagaranna Sanhapi, Awik, jeung Madturi. rek guguru kawedukan,kinasihan,ngadukun ka abah janggot nu kasohor elmuna. si kabayan ge jadi tuturut ngilu ngajugjug lembur abah janggot bari neangan pangalaman tea, di perjalanan, si kabayan teh loba picaritaeun di jalan teh contona nulungan beresuen saung warung nepi tungtungna dibere dahareun, misahkeun nukeur pasea ku bobodo sakadang maung, tuluy si kabayan di sasangka jadi dukun lantaran abah janggot teh lain duku tapi tukang sawah, jadi dukun teh kabayan merekeun jampe jeung teu make pangmeulian atawa cukangna mangrupa duit atawa barang, pang meulina cageur-bageur-jujur. di jalan balik oge nulungan 3 embok awewe mikul barang ka imahna, bari embok teh nyangka bara maen da padahal baju kabayan teh bajuna bebegig lantaran nu aslina mah kabawa palid pas keur di poe. di jalan nu nanjak kabayan nenjo aki-aki kacida capeeunana, tulungan weh aki-aki ngakod jagong bari eunggeusna diburuhan baju jeung dompet kulit warisan. ngalana deui, lila leumpang ka jero leuweung oge disangka maling awi padahal ngan ukur menta cai urut lalaki anu nuaran kaileuweung. bab ieu oge dicaritakeun Pas Si kabayan ngronda, cenah ceuk kabayan ngaronda bari nakolan kohkol euweuh guna sabab nu puguh mah ngabejaan bangsat, yen aya jelema keur ngider. tuluy kabayan ngusulkeun cara anyar ngaronda ngaranna nyatingkol ”nyaring sapeupeuting bari nyekelan kohkol” tapi si kabayan teh jadi riweuh sorangan sabab tos tilu kali ngalanggar paraturan tuluy di carek ku kokolot lembur, nu ka tiluna di sangka maling tuluy di takol pas di u’udag warga. lantaran panasaran saha nu nakol da euweuh nu ngaku, kuryasik nu boga dosanateh atawa sesebutan pa acik nu sok percaya tahayul, diheureuyan weh ku si kabayan, bakating ku reuwas jeung rarasaan pa acik, tungtungna geuring, tah si kabayan teh mangpaat keun eta keur ngahampura jeung kudu teu percaya rampe-rampe. akhirna mah nganuhunkeun jeung Ngirimkeun bakakak hayam ti Pamajikan pa acik ka pamajikan kabayan Si Iteung. Kalemahan Buku : Bahasa nu digunakeun lobana bahasa nu hese di cerna. Bahasa anu hese ka nu ngora mah, jeung oge eweuh gambar sa utek utek acan. Kalebihan Buku : Ngagunakeun bahasa sapopoe anu gampang dibaca, kabeh kalangan bisa maca,aya unsur pikaseurieunana. Kasimpulan : Kudu jadi jelema cageur, bageur, jujur jeung daekan di titah.