Pidato Biantara Sunda 2
Bismillahirrohmanirrohim, Puji rawuh sukur langkung ti payun dihaturkeun ka hadirat Ilahi Robbi, anu parantos maparinpareng ka urang sadaya dugi ka tiasa tepung lawung dina din a danget ieu. Kantenan sim kuring seja ngahaturkeun pinten-pinten nuhun, utamina ka Bapa Bupati Bogor, ka parapajabat pamaréntah pamaréntah anu ngahaja ngersakeun sarumping, ka sadérk-sadérék sadérk -sadérék anu ngahaja sumping ti tebihna, ti Jakarta, ti Sukabumi, ti Cianjur, sareng ti Bandung. Kantenan ka pribumi urang Bogor mah sim kuring ngahaturkeun réwu-réwu nuhun,wirvh kersa ngaluuhan ieu riungan Lawung Budaya. Katumampian nu teu kinten ageungna teu hilap ku sim kuring dihaturkeun ka pun lanceuk, Ceu Tien Rostini Asikin,anu taya reureuhna kencar-kencir ngiring kaririweuhan, ti ti nalika tatahar tug dumugi ka kawujudkeunana ieu riungan. Parasadérék anu ku sim kuring dipihormat, Ku pangjurung ti mitra-mitra anu sering riungan, sim kuring kapentés gawé, kedah sumanggem pikeun ngedalkeun naon anu janten purwa lantaran, sareng naon anu janten maksad katut katut tujuan urang ayeuna ngayakeun acara acara Lawung Budaya. Sim kuring nu katempuhan, tamahna rumaos sim kuring pisan awitna ngabijilan hoyong ngayakeun Lawung Budaya di uanggal kabupatén nu aya di Tatar Sunda téh. Tumali sareng s areng éta, neda widi sim kuring seja muka tungkus tungku s pamaksudan, ngedalkeun anu lawas kapiangen. Parasadérék, Sakumaha anu tos kauninga ku sadayana, ray dinten, ray dinten téh masarakat urang teu aya kendatna ditaragal ku kabudayaan anu jolna ti luar. Dina leresan bocok mah tangtos pisan kabudayaan Sunda téh. Sakapeung mah urang téh sok salempang, boaboa baris karandapan jati kasilih ku junti. Tapi ah, palias teuing. Kanggo ngungkulan ieu kaayaan anu kacida pikasalempangeunana, teu aya sanés, urang anu sadaya sugri ka Sunda Sun da kedah guyub akur, sapamadegang ngahiji, pikeun ngaujudkeun katahanan budaya Sunda. Pikeun ngahontal hal ieu, urang peryogi nyusun léngkah-léngkah sareng stratégi, anu salajengna dilaksanakeun kalawan daria. Ku émutan sim kuring, kaayaan anu sapertos ayeuna téh teu tiasa diantep, urang teu tiasa api lain meungpeun carang, jalaran hal ieu téh janten masalah ungkulaneun sugri urang Sunda. Atuh kantenan kedah aya riungan anu medar sareng nembrakkeun masalah, enggoning mikawanoh masalah naon anu saleresna dipayunan ku u rang sadaya, hususna masalah anu aya rambat kamaléna sareng seni, budaya, katut basa Sunda. Upami urang sadaya parantos sapanyawangan kana jentulna masalah, nembé urang barembug deui, kedah kumaha ngungkulanana. Anu gaduh kawajiban pikeun milarian tarékah masalah téa, teu aya deui iwal ti tilu pihak, nya éta paraseniman sareng organisasina, pamaréntah, sareng masarakat. masarakat. Ku émutan, ieu riunagn ogé parantos pepek sadaya wakilna. Salajengna, naon anu jadi udagan sim kuring k uring saparantos pamaksadan tadi diuningakeun, teu aya sanés, nya éta ayana pandangan sareng sikep anyar kan a budaya Sunda, bari sakantenan nangtoskeun léngkah naon baé nu kedah dipilampah ka
payunna. Kitu udagan sim kuring téh. Para sadérék sadaya, Numutkeun panitén sim kuring, sabagian ageung masarakat urang, kitu deui paragegedén nagara, masih kénéh kagungan anggapan yén seni budaya téh n gan pikeun hiburan, ngan mangrupi produk pikeun ngalelejar manah. Tebih tangéh kana tiasa ngajénan yén seni budaya téh hiji ciri idéntitas bangsa, ajén diri nu baris ngawujudkeun citra bangsa. Anggapan sabagian ageung masarakat masarakat anu sapertos sapertos disebat nembé téh ngagambarkeun yén wawasan seni budaya "maranéhna" masih kénéh cupet tur heureut. Hal ieu teu tiasa diantep, urang kedah satékah polah nyingraykeun lalangsé paneuteup anu cupet téa. Kanggo conto kumaha hasilna seni budaya anu tadina ukur jadi miliki hiji bangsa, nanging ahirna janten banda seni budaya dunya, contona karya seni Léonardo da Vinci, Van Goh, Rembrant, Picasso, Picasso, Mozart, Beethoven, sareng seueur-seueur seueur-seueur deui. Sapanjang seni budaya mung ukur dianggap barang kanggo hiburan, seni budaya Sunda moal pinanggih sareng komara ajénna. Ku kituna pandangan sareng anggapan anu teu merenah téh kedah ditarékahan sina robih. Upami dititénan kaayaan seni budaya Sunda ayeuna, aya anu n imbulkeun kareueus, matak ageung manah. Nanging aya deui anu matak pikasalempangeun, boa-boa baris muguran nu antukna mung kantun ngaran. Seni budaya nu matak janten bingah téh tiasa tumuwuh ku karancagéan senimanna, upamina waé jaipong, anu parantos ngalanglang dunya, seni karawitan anu dijejeran ku sadérék Nano, wayang golék anu ditaratas ku sadérék Asép Sunandar, gotong singa, rampak kendang, sareng sajabina. Dupi anu pikamelangeun, tétéla langkung seueur deui, nya éta kasenian tradisional anu kiwari katélér-télér, kirang dipiroséa. Parasadérék anu dpihormat, Paraseniman, budayawan, sareng masarakat urang ayeuna saleresna nuju aya di tengah-tengah adu hareupanana sababaraha kakiatan, upamina waé sareng sajabina. Mayunan kaayaan sapertos kieu, urang teu tiasa cileureun, cicingeun. Hal ieu anu janten masalah urang kiwari kiwari téh. Sateuacan sim kuring mungkas pisanggem, aya anu hoyong didugikeun heula ka sdayana, ieu riungan Lawung Budaya téh sanés san és kanggo madungdengkeun béntenna pamendak, sanés kanggo ngadu arguméntasi, nanging kanggo nembrakkeun rupi-rupi masalah nu aya rambat kamaléna sareng seni budaya katut basa Sunda. Anu dipiharep ti parasadérék teu aya sanés kersa sasarengan ngawincik nu janten masalah urang téa, lajeng kumaha cara ngungkulanana, sareng urang nyobi-nyobi bari prak ngagarapna. Urang wujudkeun silihasih, silihasuh, sareng silihasah, tegesna: silihasih ku rasa mimitran anu wening, silihasuh ngajénan n gajénan sasama numutkeun profésina, silihasah padanambihan katerang. Mung sakitu anu dipisanggem. Wabillahitaufik wal hidayah, Wassalamu 'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Pidato Bahasa Sunda
Tentang Kebersihan
Assalamualaikum wr wb. Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat. Para wargi anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hiru p sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena. Dina salah sahiji hadits diterangkeun… Inna dhofatu minal iman Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi atanapi suci tina sagala kokotor kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya sadaya teh nu didasarkeun didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gu sti nu Maha Welas tur Maha Asih. Para wargi anu mulya. Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.
Pidato Bahasa Sunda Tema Kebudayaan Assalamu’alaikum wr. wb.
Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu. Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun nep ikeun pidato ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter. Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935 -an. Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik klasik kadeseh ku organ tarling anu teu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona. maestro-maestrona. Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan. Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya. Wassalamualaikum wr. wb.
Pidato Bahasa Sunda Tema Keagamaan Assalamu’alaikum wr. wb.
Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin..
Hadirin anu dipikahormat ! Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni. Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah. Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirja Anu hartosna : “ saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.”
Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal affu mingkum…
Pidato Bahasa Sunda Tema Perpisahan
Assalamualaikum wr. wr. Wb. Asshaduallailahaillalah waashaduanna waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, ku lawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin. Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas XII (dua belas). Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi Mugi -mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin. Sakitu ti abdi anu ngawakilan n gawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Al lah SWT. Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb