46. Mun ku urang geus kahartos Mugi ulah raos-raos Ka garwa geura nyarios Sobrah ku tudung pek gentos
52. Ngembarkeun teu dienyakeun Geus mintul the diantepkeun Embaran teu didineskeun Narampana diheureuykeun
58. Aos ibarat nihayah Nu kasebut dina juz khomsah Jeung kitab Tuhfah bab nikah Wayahna saeutik payah
41. Nanging eukeur jual beuli Atawa di waktu ngaji Fardu a’en nu diaji Patenjo henteu pamali
47. Margi eta kawajiban Mun teu kersa ngawurukan Jagana dina hisaban Pameget nu katempuhan
53. Majengan tukang siraru Tangkal the kabawa caah Juragan ulah kaliru Ieu the tanda nyaah
59. Parawan indit ka dayeuh Meuli kupat jeung gorengan Pacuan abdi keur euweuh Ulah ngupat kagorengan
42. Deui eukeur pakasaban Nu perlu di tinggalian Kitu deui keur ngubaran Atawa waktu nanyaan
48. Mun ku nyai geus kaharti Ulah talangke sing surti Di tudung parentah Gusti Tong lesot dugi ka mati
54. Alim ngeureunan papatah Salaki teu daek nitah Teu ditudung jadi betah Marukan sanes parentah
60. Bandingkeun jeung ayat Qur’an Surat Nur, Ahzab sasaran Bari metakeun pikiran Sangkan ulah pabentaran.
61. Akurkeun sareng sunahna Saratus tujuh puluhna Sinareng genep punjulna Jeung jero akal ekolna
67. Urang teh istri merdeka Orat bet sina terbuka Jaga urang (bisi) ka Naraka Sing paur meunang cilaka
73. Istri di zaman ayeuna Seueur nu nurutan nyonya Sok komo niru pakena Tatali Islam ditunda
79. Unjuk nuhun ke juragan Redaksi ti perjuangan AL-MAWAIDZ ti Priangan Ridho didamel lantaran
62. Minhajul Qowim terasna Kaca ka tilu ratusna Jeung tilu likur pujulna Papayan dina kacana
68. Geuning saur Syeh Bajuri Nu heman ka para istri Margina jaman kiwari Seueur istri balawiri
74. Da leres pisan eta teh Sesah bade nampikna teh Kapan rapang buktina teh Tetela yen kituna teh
80. Nyebarkeun ieu nadzoman Mugi gusti Sifat Rohman Males kana kasaean Sing jadi kamangfaatan
63. Tudung ulah dibid’ahkeun Sumawonna diharamkeun Mun pikir kitu singkahkeun Eta the syetan nyasarkeun
69. Kana pangasih ulama Urang sing ikhlas narima Lantaran tina agama Supaya manggih suegemana
75. Ka saban lalaki conggah Teu ngemutkeun yen dicegah Tina kurangna nu gagah Ngelingan loba nu wegah
81. Sakieu bae heulaanan Kirang na mugi tambihan Malih jadi pangingetan Ka Isalam sami sa Ikhwan
64. Hurung bogaeun panyapit Burial mamawa senggang Matak urang kudu apik Nyiar elmu ulah gampang
70. Dina hal nutupan orat Mun kabeh tacan kawerat Kaol dho’if kade rawat Lamun nu mu’tamad beurat
76. Pajarkeun nurutkeun zaman Cop kana free oom hangan Akhir jadi kembang jalan Ngagedekeun pelesiran
82. Mugi Dzat nu Maha Herman Ka abdi-Na nyubadanan Malih jadi pangingetan Sing dugi ka kalanggengan
65. Sapedah dina Sapinah Orat the kabeh badana Ditudung pajar bid’ahna Pedah teu kabeh nutupan
71. Mana ulah jadi ribut Piraanan nutup rambut Masalah jadi parebut Lir nguruskeun nu eta teu matut
77. Ari rek ngudag pinterna Eta jadi utamana Ngan ulah niru adatna Da teu sami agamana
83. Bijjahi Syayyidil umat Muhamad Nabiyyir Rohmat Wa Alihi wa ma walat Amin ya kasifal ghomat
66. jadi asa dililieur Ku nu pinter kabalingger Jalan teu panceg teu angger Nu awam samar balageur
72. Urang sing nyaho tetela Ka ulama nu baheula Geuning tara silih cela Bareng ka Agama bela
78. Ieu anu kaseratkeun Mugi lenyepkeun regepkeun Ulah rek disaliwangkeun Baris hanjakal singkahkeun
84. Amin amin Alloh amin Amin amin Alloh amin Amin amin Alloh amin Amin ya Robbal alamin
KAGEGELAN TI CIHAMPELAS
1. Catatan pangeling-geling Maksad nawiskeun kamelang Lumayan keur landong meleng Ka nu ngaraos kahalang Mung tobat sanes miwulang Kalayan nganjeng pitulung Maksadna sing jadi nalang
4. Urang sami diperedih Ngalakonan gawe endah Iman Islam ulah odoh Najan susah payang kedah Ngajaga sing ulah bedah Kalayan nurut pituduh Urang anu wajib nadah
7. Nahdhoh rek bela ka diri Nu nolak jalan tunggara Sanajan ngurangan sare Najan ngarasa sangsara Ngalakonan hukum syara Nahdhoh maksad buru-buru Nulung nu pinanggih lara
10. Kantun urangna sing rajin Nganggo ongkos nu basajan Saeutik sing rasa jongjon Putra tong diwarah jajan Kedah nyonto kana hujan Kitu dawuhan nu Kanjun Nabi urang nu kabagjaan
2. Di catet kanggo di dangding Dipalar jadi panghudang Di nu sepi di nu gandeng Ka nu limpeu kanu gandang Pamugi sing jadi gadang Hawa nafsu sing kabendung Ulah ku syetan kabandang
5. Mangga sami bibirintik Panolak jalan baruntak Kana leukeun ngarorotek Piwulang nu ngarotektak Pangjaga nu jadi matak Ku gusti Alloh dikutuk Sanajan nepi kabutak
8. Nu di sebut lara tadi Sanes hungkul kirang teda Ngiranga teda mah hade Lara agama mah beda Najan beunghar seueur kuda Asup kana lara kudu Lamun ku syetan kagoda
11. Mun kitu engkena bukti Sanaos saeutik harta Urang tangtos ngeunah hate Da ngabagina rata Kontribusi ge kacipta Saupami urang kitu Sageuy teu ngaraos beunta
3. Kamelang anu ka tulis Ku umum geus katilas Ibadah seueur nu lolos Teu kagarap teu kapulas Mung umambon kapiwelas Najan laif hayang mulus Mugi Gusti ulah nolas
6. Ngan urang mah sedih Asal bae daek nadah Kana piwurukna Nahdhoh Elmuna knggo ibadah Nu langkung seueur ti budah Ulah kahalang ku teduh Da rek nampi elmu endah
9. Tah Nahdhoh sanggupeun ngaping Asal lidna ulah mungpang Moal nepikeun ka gopang Saratna sing sering tepang Elmu moal papalimpang Pamendak tangtos patepang Karaosna tangtu hampang
12. Sampeureun di alam akhir Nahdoh gaduh surat kabar Agama Islam dibeber Hade gorengna kababar Ngan di urangna sing sabar Manteng neda sifat kubur Piwelas Nu Maha Akbar
13. Kumargi ete peryogi Urang sami ngajaraga Kontribusi anggeur jaga Nafkah kabar sing kajaga Kalayan pamuga-muga Urang ka Rosul ngagugu Mulang jalan ka sawarga 14. Mugi Gusti Maha Suci Ngabulkeun ieu persaca Najan rupi laca-lece Sing mangfaat kanu maca Sing herang langkung ti kaca Anu ngaradangu sing lucu Teurang dangu awas soca 15. Mugi neda pangaksami Ka lenggah para ulama Sareung kanu hadir rame Sepuh anom menak rama Hapunteun numut agama Ngamaaf ka nu tumamu Fakir dhoif tumarima
PANUHUN_ Leupat luputna ieu piunjuk hakekat ka Gusti Allah SWT, rawuh Rosulna sareng sadayana. Nu maos sareng nu ngadarangu mugi sami rido ngahapunten sareng pidu’ana mugi ieu piunjuk masing jadi kamangfaatan ka urang, sareng sakumna Umat Islam ti dunya dumugi ka Akherat. Amin Ya Robbal A’ lamin. AL-FATIHAH…