Wawancara Murid SMP Puspanegara Ka Bu Siti Nuraini Yusuf Salaku Guru Basa Inggris
Waktu wawancara
: Kemis, 23 Pebruari 2012
Tempat wawancara
: Di payun rohang guru SMP Puspanegara Puspanegar a
Nara sumber
: Bu Siti Nuraini Yusuf (Guru Basa Inggris)
Nu ngawawancara
: Alfiyah Salma jeung Feby Dwitri (Murid SMP Puspanegara Kelas 94)
Jejer wawancara
: Pamekaran Murid Dina Palajaran Basa Inggris
Feby
: “Assalamu’alaikum Bu”
“Wa’alaikumsalam wr.wb” Bu Siti : “Wa’alaikumsalam
Feby
: “Punten Bu, abdi Feby Dwitri sareng ieu Alfiyah Sa lma ti kelas Salapan Opat, pami Ibu aya waktos tur ngawadian mah bade ngawawancara Ibu. Kumaha tiasa, Bu?”
Bu Siti : “Kabeneran Ibu rineh, sok atuh dek nanyakeun naon hidep teh?” Feby
: “Nuhun, Bu. Langsung wae, dupi Ibu ti mana kawit?”
Bu Siti : “Asal Ibu ti Makassar” Feby
: “Dupi Ibu dilahirkeun taun sabaraha sareng dimana?”
Bu Siti : “Lahir di Makassar, 23 Oktober 1968” Feby
: “Dupi Ibu kagungan putra sabaraha?
Bu Siti : “dua” Feby
: “Dupi ayeuna panglinggihan Ibu di mana?”
Bu Siti : “Di Karanggan Graha Puspasari 2” Feby
: “Dupi atikan Ibu naon?”
Bu Siti : “S1” Feby
: “Waktos kuliah, Ibu nyandak jurusan naon?”
Bu Siti : “Basa Inggris” Feby
: “Dupi Ibu kantos aktip di organisasi naon wae?”
Bu Siti : “Islam” Feby
: “Pami teu kaabotan abdi hoyong terang, naon moto Ibu, nu janten cecepengan dina
Enggoning ngalakonan tugas?”
Bu Siti : “Leuwih alus telat tinimbang teu sama sakali” Feby
: “Dupi cita-cita Ibu waktos alit, hotong janten naon?”
Bu Siti : “Duta ageung” Feby
: “Kumaha paraosan Ibu, dumeh cita -cita teu tinekan?”
Bu Siti : “Nyukurkeun dina nu parantos dipasihan ku Allah ” Feby
: “Naon pamadegan Ibu perkawis murid dina pangajaran Basa Inggris?”
Bu Siti : “Rata-rata satiap pangabisa murid sami” Feby
: “Naon pesen Ibu, kanggo siswa-siswa siswa-siswa SMP Puspanegara dina pangajaran Basa Inggris?”
Bu Siti : “Biasakeun nyarita ngagunakeun basa Inggris, n ambah undak-unduk basa Inggris, diajar kalawan getol lamun hoyong janten nu pangalusna” Feby
: “Rupina, wawancara tos cekap. Hapunten abdi parantos ngaganggu waktos
istirahat Ibu. Hatur nuhun tina waktosna. Assalamu’alaikum” “Wa’alaikumsalam” Bu Siti : “Wa’alaikumsalam”
Pameunteunan Wawancara Ku Bu Siti Nuraini Yusuf Salaku Narasumber dina Wawancara
No.
Pameunteunan
1.
Ngagunakeun basa Sunda
2.
Ngagunakeun basa Sunda sarta basa Indonesia (campuran)