Di hiji imah aya hiji budak nu keur ngalamun bari dadapangan, manehna ngomong :
Natasya
:
"Duh, kumaha nya mun kuring jadi artis, mereun kuring teh bisa beunghar"(bari sura-seuri).
Teu kungsi lila, jol we aya nu ngetok panto tok,tok, tok !
Wiwin
:
"Assalamualaikum"
Aya nu muka
Ceu Turoh
:
"Waalaikum salam,èh ! gèuning nèng Wiwin.euh manga atuh kalebet heula"!.
Wiwin
:
"Mangga ah ceu !", aya tasyana teu?"
Ceu Turoh
:
"Ouh badè ka Tasya, kèla nya antosan urang pilari heula!"
Wiwin
:
"Mangga ceu!"
Jol, Natasya Kaluar
Natasya
:
"Aya naon win?"
Wiwin
:
"Hei tu de llo" Hello! arèk ngilu moal ulin, ka imah si Ito ?"
Natasya
:
"Emzz… " hayu atuh kela nya rek bèbèja huela ka Si Momskie"
Wiwin
:
"Heeuh… geuwat siah !"
Natasya bèbèja heula ka indungna, tèrus manèhna tuluy rèk ka imah si Ito, Tos kitu manèhna geus nepi ka imah si Ito. tok-tok-tok !
Wiwin
:
"Assalamualaikum"
Natasya
:
"Ito !-Ito-Ito !"
SI ito kaluar bari muka panto
Ito
:
"Waalaikum salam, èh gning Wiwin sareng Tasya, aya naon?"
Wiwin
:
"Biasa to, urang ulin !"
Natasya
:
"Heeuh to mun ceuk bahasa ayeuna mah hang-hang-hang ?"
Wiwin
:
"Hangout mereun!"
Natasya
:
"Heeuh tah èta ceuk urang tèh !"
Ito
:
"Sok atuh mangga karalebet, Win, Sya !"
Wiwin jueng tasya asup ka jero
Natasya
:
" Gaes… urang tadi di imah ngahayal hayang jadi artis, ceuk maranèh bisa moal?"
:
"Ah manèh moal matak beungeut siga bujur sèèng gè, hayang jadi artis. Yueh artismah kudu geulis, manis, bohay, na ari manèh siga lutung kasarung gè !".
Natasya
:
"Oh my to the God, Ito manèh mah kitu ka urang tèh!, tingali atuh urang geus siga Selena Gomes gè. Disebut lutung kasarung manèh mah!"
Ito
:
"Da emang fakta! Fakta coy fakta!"
Wiwin
:
"Eh-eh-eh tos ah teu kenging debat waè kan inces Wiwin jadi puzing!, sok ayeuna mah urang pikiran kumaha idè na amèh si Natasya jadi artis!"
Ito
:
"Emzz….kumaha lamun kieu, si Tasya tèh di buligir hek dividio ku manèh win ! upload kana instagram bakal vira geura!"
Natasya
:
"Apa …… Inces harus di buligir, oh no! Emung ah manèh wè dagang arèra!"
Wiwin
:
"Kumaha lamun ngvlog, jadi vloger koh?"
Ito
:
"Oh, vloger, vloger mah lamun urang rarieut, sok utah vloger koh?"
Wiwin
:
"Ih… utah uger ètamah Ito !"…
Vloger mah nyieun vidio urang sapopoe hèk di upload kana youtube".
Ito
:
" Oh… ajaran heula we atuh Tasya ?" da maneh mah jagoan ngomong bahasa jaman ayuena!".
Natasya
:
" Enya nya ah rèk di cobaan heula ke di imah"!
Wiwin
:
"enya sok Tasya!"
Ito
:
"Dak atos heula nya ngobrolna, tos sontèn!"
Wiwin
:
"Muhun To!, ènjing deui wè nya !"
Enjingna, Natasya Atoh, kumargi vidiona viral sareng janten trending topic dina youtube.
Natasya
:
"Alhamdulillah Ya alloh, oh my God, oh my god, oh my god. Aha.(bari aclog-aclogan).
Ceu Turoh
:
"Tasya ari manèh nanaonan ? siga jèlèma burung ?"
Natasya
:
"Ma… tingali vidio abi jadi trending topik na youtube !"
Ceu Turoh
:
"Moal matak !(bari kikipas ku hihid).
Natasya
:
" Ih si èma teu percaya! Tingali ma !"
Ceu Turoh
:
"Mana ningali èma !" (bari ningali kana hp). Masya alloh tasya gning bener ahay…. (bari aclog-aclogan).
Natasya
:
"Èma ! ari èma nanaonan siga gajah duduk !"
Ceu Turoh
:
"Kan atohTasya kètèh manèh tèh bakal asup kana TV, bakal loba duit, ahay….."
Natasya
:
"Ih si èma gaje na!"
Keur kitu aya sora nu ngetok panto tok-tok-tok !
Wartawan 1,2,3
:
"Asslamu`alaikum Wr.Wb!"
Ceu Turoh muka
Ceu Turoh
:
"Waalaikum salam", punten saha nya?"
Wartawan 1
:
" Perkenalkan bu saya dari ANTV dari Jakarta (bari sasalaman)
Wartawan 2
:
"Perkenalkan bu saya dari Indosair eh maaf indosiar (bari sasalaman)"
Wartawan 3
:
"Perkenalkan bu saya dari CTRI ups RCTI (bari sasalaman)"
Ceu Turoh
:
"Oh wartawan nya…, aseek asup kana TV eung ahay…"
Wartawan 3
:
" Natasyanya ada bu ?"
Ceu Turoh
:
"Oh… ada-ada, tunggu dulu nya !"
Natasya Kaluar
Natasya
:
" Ada apa ya ?"
Wartawan 1
:
"Kami kesini untuk mewawancarai anda"
Natasya
:
" O M tu the G, asik eung asup kana tv ! yess….
Wartawan 2
:
"Apa yang anda rasakan ketika vidio anda viral ?"
Natasya
:
" Tentunya happy dong!"
Wartawan 3
:
"Apakah ini pengalaman pertama anda terjun ke dunia vloger ?"
Natasya
:
"Oh iya pertama kali "
Wartawan 1
:
"Mangapa anda memilih untuk menjadi vloger ?"
Natasya
:
"Karena, atu da bayarana besar !" hahaha
Wartawan 3
:
" Oke terima kasih atas waktunya Natasya, sekali lagi terima kasih. Wassalamualaikum !"
Natasya
:
Oke sama-sama, Wassalamualaikum !"
Saeunggeus diwawancara datang wè si Ito jeugn si Wiwin
Ito
:
"Ciè nujadi artis ayeunamah ! bagi-bagi eung money na ?"
Wiwin
:
" ih maneh Ito cengos kana duit mah ! selamat nya Tasya ayeuna cita-cita teh tos tercapai.
Natasya
:
" Alhamdulillah Win, ieu gè berkat maranèh da, tos masihan masukan kango abi !, nuhun nya To, Win !"
Ito & wiwin
:
"Sami-sami Tasya"!
Ayeuna Tasya jantèn artis nu terkenal dimana-mana.