’KABAYAN JANTEN BOYBAND’’ Lima taun baheula Kabayan jeung Iteung meunang pagawean anu resikona kedah misahkeun manehna duaan.Sateuacan eta,manehna dua’an ngikrarkeun janji satia. Geus lima taun teh Kabayan balik ka kampung tapina tapina iteung mah henteu,kunaonnya?Kieu henteu,kunaonnya?Kieu caritana Kabayan :”Nyokap…!Nyokap…! Kabayan uih!yeuh mawa TV khusus keur Nyokap.”(Gogorowokan bari lulumpatan ) :”Naon ari maneh,Ambu disebat make-up,asal maneh nyahonya Kabayan,kieu-kieu teh Ambu Ambu pas keur ngora tara make up-make upan da geus geulis Ambu mah,malah panggeulisna sakampung.” :’Huuuu,si Ambu mah da mahiwal wae lain make -up ambu,nyokap,hartina teh Kabayan ema,meuni kitu ge teu apal.” :”Ah maneh mah Kabayan,di kampung siga kieu ma h,mana nyaho basa anu Ambu kararitu,geuslah kararitu,geuslah maneh istirahat heula,buru hurungkeun TVna,ambu bade nongton Darso.” Kabayan :”Heu si Ambu mah ari Kabayan mawa anu dipikareseup Ambu,ngabageuran Kabayan.Geus ah Kabayan bade ka Nyi Iteung I teung heula.” Ambu :”Nyi Iteung?Yeuh Nyi Iteung mah can balik ti Jakarta.” Kabayan :”Ma’enya Ambu,Nyi Iteung can balik?” :”Bener,Ambu mah tara ngabohong,jig weh sampeurkeun ka imahna aya teu.” Ambu Kabayan :”Ah nya tos weh,Kabayan rek istirahat heula.” (Asup ka kamar sabari cirambai cai panon) Peutingna sobat Kabayan nyaeta Cenang jeung Nanang datang ka imah siKabayan,nu alesana hayang tepang jeung si Kabayan padahal mah ku sabab si Kabayan boga TV anyar,janteun manehna tiasa nonton TV gratis di imah si Kabayan. :”Kabayan..!Kabayan..!.” Cenang Nanang :”Kabayan…..!” Ambu :”Sabar-sabar.”(Sabari mukakeun panto ) Nanang :”Kabayana aya?” Ambu :”Aya sok weh lebet.” Cenang Nanang:”asik.”( Nanang:”asik.”(Sabari asup ka imah Kabayan ) Cenang :”Hey Kabayan,gaya lah ayeuna mah geus jadi juragan,boga TV gede,hayu urang nonton TV.” Kabayan :”Ah,urang oge nyaho niat maneh ka dieu,rek milu nonton TV.” Nanang :”Ahhhh.Kabayan :”Ahhhh.Kabayan mah terang wae niat abdi,hihihi..” Kabayan :”Geuslah maraneh naronton ditu,urang mah lieur.” Cenang :”Eh…eh Kabayan,naha eta teh asa siga….,Iteungnya ?’’(Sabari nunjuk-nunjuk ka TV ) Nanang :”Mana ? oh enya eta mah si Iteung ,tapi naha beda pisan,beuki geulis geuningan.” geuningan.” Kabayan :”Mana? mana? Oh beneur geuningan eta Nyi Iteung,naha ngarana janten Syahlacin?”
Nanang :”Ah..maneh mah Kabayan,yeuh nya lamun geus jadi artis mah atuh ngarana kudu alus,maenya sok Iteung?Ganti ku anu leuwih keren.” Cenang :”Bener tah Kabayan,Iteung tos ganti ngarana mereun.” :”Oh…he’euh nya bener.Kumaha atuhnya carana supaya urang tiasa nyusul Nyi Kabayan Iteung?”(Sabari nyepengan tarang ) Kabayan keur bingung mikiran kumaha carana supaya manehna bias nyusul si Iteung ka Jakarta.Pas tiluannana keur malikir,aya hiji iklan di TV nu sakirana tiasa nulungan maranehna.Iklan naon eta,hayu urang tinggal. Reporter Risis:”Abdi,reporter Risis,nyaeta reporter Ripuh jeung Eksis.Aranjeun hoyong jadi artis? Hoyong terkenal di saluruh jagat raya? Hayu urang ngiringan audisi Boyband di Jakarta,di jamin araranjeun pasti terkenal.Hayu enggal- enggal ngiringan.” (Sabari manehna kaluar tina layar TV sareng ngabagikeun formulir ka Kabayan ) Kabayan :”Wah,kabeneran pisan aya audisi jadi Boyband.Cenang! Nanang! Hayu urang ka Jakarta ambeh tiasa patepang jeung si Nyi Iteung,satuju?” :”Asyik,jadi artis.” Nanang Cenang :”Heu maneh mah (Sabari ngagetok tarang si Nanang ).Demi nulungan sobat, kuring satuju.” Isukana Kabayan, Cenang, sareng Nanang teh pamit ka Jakarta .Tos nepi di Jakarta tiluana teh langsung ngadatangan tempat audisi Boyband.Ambu anu teu sabar bade ningali anakna tampil di TV diuk di harepeu TV. :”Aduh,aduh mana si Kabayan teh,ceunah rek audisi naha teu aya-aya? Tah,gening Ambu aya oge si Kabayan teh ,Ambu bade ningali ah.” ( Sabari ningali TV ) Komentator :”Sok,perkenalkeun heula saha aranjeun.” :”Perkenalkeun wasta abdi David.” Kabayan Nanang :”Wasta abdi Kevin.” Cenang :(Nyepeng tarang sabari bingung mikirkeun ngaran )”Nami abdi Cecep.” :”Aduh,maneh mah nya,ngaran urang jeung si Nanang teh geus alus -alus,David Kabayan jeung Kevin,eh ari maneh cecep.Pamaeh dasar…”(Sabari ngajitak tarang si Cenang ) Cenang :”Enya atuh kuring teh lieur,anu aya di otak kuring teh ngan ngaran cecep hungkul.” Nanang :”Geus welah teu nanaon, nu penting mah urang tiasa ngiluan audisi.” Cenang :”Tah,beneur ceuk si Nanang teh.” :”Oke,sok atuh tampilkeun penampilan aranjeun.” Komentator Pas Kabayan ,Cenang ,jeung Nanang rek nampilkeun bakatna sora Kabaya Ujug-ujug serek. Ambu teh langsung mere jahe ka si Kabayan,si Komentator bingungeun, anjeun sadaya ge pasti bingung, hayu urang tinggal adegana. Kabayan :”Uhuk-Uhuk-Uhuk.” :”Jahe jang, jahe,jahe.” Ambu Kabayan :”Naon Ambu ?”(Sabari kaluar ti layar TV ) Ambu :”Ieu jahe,jahe sok atuh emam heula jahena.”( Sabari mere jahe ka Kabayan )
Kabayan TV ) Ambu Cenang Komentator Nanang Komentator Hotts
:”Enya-Enya abdi emam jahena,nuhunnya Ambu nuhun.”( sabari asup deui ka layar :”Enya sami-sami.” :”Kabayan,buru atuh dahar jahena engke bisi komentatorna ngamuk.” :”Hehh!!! (Sabari nenggeul meja ) :”Tuh pan bener ceuk si Cenang.”(Sabari ngaharewos ka ceuli si Kabayan ) :”Buru,arek nampilkeun moal,hararese kitu oge.” :”Nuhun bu!!!”(Sabari ngabentuk formasi )
Sanggeus audisina rengse,komentator nangtukeun saha pamenangna.Teu di sangka-sangka Kabayan, Cenang,jeung Nanang teh jantenanu meunang janten Boyband terkenal,anu ngarana Boyband Hotts.Kabayan Akhirna patepang jeung Syahlacin dina hiji acara. Reporter :”Kunaon nami anjeun Syahlacin?” Iteung :”Kusabab saya alay cin..” :”Kumaha tanggepan anjeun ka Boyband Hotts anu pendatang anyar tapina tiasa Reporter naek daun?” Iteung ;”OMG menurut abdi mah nya.abdi tiada tandinganana.” :”Anjeun yakin?” Reporter Iteung :”Insya allahnya abdi mah yakin sesuatu pisan.” Ujug-ujug Kabayan jeung sobatna datang tuluy nanya ka Syahlacin. :”Iteung…Iteung anjeun teh Nyi Iteung pan?” Kabayan Iteung :”Aduh anjeun sahanya abdi mah Syahlacin.” Nanang :”Astaghfirulohnya.!’’ :”Eh eta mah cirri kahas kuring,tong di turutan.” Iteung Nanang :”Keun welah.” Kabayan :”Iteung…bener ieu mah iteung,ah kang Kabayan mah pasti apal Iteung rek ngagentos ngaran naon ge !” Iteung :”Tong sok kenal atuh ieh meuni kampungan pisan!” Cenang :”Ari maneh Iteung sombonglah ayeuna mah geus jadi artis teh,nepika kabogoh ge poho.” Iteung :”Hey,kamu tong loba omong,Syahlacin teh artis anu kasohor,maenya boga kabogoh siga saha eta Kabayan,geuslah urang rek indit heula ka acara lain heula.”( Sabari malingkeun sirah ) Pas dina acara eta Iteung teh papanggih jeung si Ayanti, teras manehna duaan teh pa’adu omongeun,ku sabab Iteung datangna telat. Ayanti :”Ehem,ehem aya anu kabeurangan yeuh.”(Sabari ngadelekan Syahlacin ) Iteung :”Enya urang telat kunaon kitu?” :”Uhh..ceunah artis terkenal,eh geningan datangna kabeurangan,cangor maneh Ayanti mah.” Iteung :”Heh,dangukeunnya urang teh telat lain pamalesan,tapi kusabab ti acara anu lain heula,you now?”
Ayant :”Enya,enya,enya.Up to you lah!”( Sabari ninggalkeun iteung ) Iteung :”Huuuuh,dasar jalma gelo.!” Isukannana, Hotts teh keur latihan sareng koreograferna,tapi Kabayan teu bener latihanana kusabab mikiran si Iteung wae, jabaning koreografer na teh super galak. Koreografer :”Hiji,dua,tilu mulai.” Hotts :(Latihan nari-nari,tapina si Kabayan henteu bener ) :”David,ari maneh kunaon meuni teu bener wae titadi.” ( Sabari neggeul suku si Koreografer Kabayan make mistar ) Kabayan :”Hampura bu korek.” :”Koreografer lain korek.” Cenang Nanang :”Tumben maneh pinter.” Koreografer :”Ah,geuslah, sok mulai deui latihanana, buruu !”( Sabari ngangkat mistar ) Hotts :”Enya bu..(Sabari mulai deui latihana ) Pas tos rengse latihana,Kabayan patepang jeung si Ayanti. Ayanti :”Eh David ti mana ?” Kabayan :”Ti tempat latihan.” :”Adeuuyy,meuni David wae anu di tanya ari urang jeung si Nanang teu di tanya.” Cenang Ayanti :”Nya enya atuh sanajan nanyana ka David hungkul teu nanaon atuh da sarua.” Nanang :”Ayanti,teu bareng jeung si Anangka ?” :”Teu ah da tos putus jeung si eta mah,ayeuna mah kuring jomblo.” Ayanti Cenang :”Asiiiiiik,aya kasempatan keur kuring atuh…!,henteu heureuy ketang.”( Sabari seserian ) :”Eh…geus atuh ah, hayu urang balik, cape yeuh” Kabayan Nanang :”Tah..he’euh bener, hayu atuh.” Kabayan :”Ti payun nya neng Ayanti.” :”Enya.”(Sabari seuri isin ) Ayanti Ti saprak Ayanti panggih jeung si Kabayan , Ayanti teh langsung bogoh ka si kabayan.Teras Ayanti the ngadeukeutan wae si Kabayan, Syahlacin teh cemburu.Kumaha lanjutan caritana urang tinggal adegan ieunya. Reporter :”Ayanti,david.”(Sabari ngungudag Ayanti ) Ayanti :”Punteunnya aya urusa naon?” :”Abdi si Reporter Risis Ripuh jeung Eksis,ngomong -ngomong Ceunah Ayanti jeung Reporter David the nuju caketnanya?” :”Hmmm.” Ayanti Kabayan :”Henteu abdi jeung Ayanti mah rencang cakeut hungkul .” Ujug-ujug Syahlacin datang. :”Bener,Ayanti jeung David teh ngan rerencangan hungkul.!” Iteung Ayanti :”Naon Syahlacin pi pilueun wae ? Nya salah maneh oge teu narima david ti baheula.” Kabayan :”Geus-geus tong ribut, Ayanti ku abdi anteurkeun uih urang nunggu di mobilnya.”
Saentos si Kabayan angkat Ayanti megat Iteung teras ngabisikeun hiji hal. Ayanti :”Heh syahlacin kadieu.”( Sabari narik leungeun si Iteung ) Iteung :”Ihh tong narik-narik leungeun syahlacin atuh. Oh My God aya naon sih? Meuni siga aya sesuatunya.” Ayanti :”Hehehe,ayeuna David mah aya di leungeun kuring.”(Sabari seuri sinis ) Iteung :”Mana si David ? eweuh di lengeun didinya..” :”Heu maneh mah ongkoh artis terkenal,tapi anu kitu ge teu ngarti eta teh Ayanti paribahasa, maksadna teh si David keur dekeut ka urang, teu bog oh deui ka maneh.” Iteung :”Heh tong sok nya janten jalma teh, rek kumaha oge David mah tetep bogoh ka Syahlacin salami-lamina, tos nya abdi pan artis terkenal, jool sibuk kudu indit deui ka acara salanjutna. Sanggeus kajadian eta teh Kabayan langsung nelepon Syahlacin dina telepon teh Kabayan ngomel-ngomel ka Syahlacin. Iteung :”Halo..aya naon Kabayan ?Tumben nelpon ka urang?” :”Ai maneh teh kunaon? Ngomel-ngomel ka Ayanti? Cemburunya?” ( Raray Kabayan kapedean ) Iteung :”astagfirulohnya meuni ge’er pisan maneh the,keur naon urang cemburu ka ayanti pan urang jeung ayanti geulisan urang.”(Raray narsis ) Kabayan :”Ikh,meni so pisan.”(Sabari nutup telepon ) Sanggeus Kabayan nutup telepon Syahlacin teh nyadar lamun manehna teh masih bogoh ka Kabayan.Teras isukana Syahlacin boga inisiatif nyemperkeun Kabayan sabari rek menta maaf. Syahlacin :”Punteun Kabayan…”(Suara anu lembut ) Kabayan :”Aya naon?”(Raray sarius ) :”Urang rek menta maaf nya ka maneh,enya urang jujur yeuh,urang sabenerna Iteung bogoh keneh ka maneh.” Kabayan :”Hmmm,bener eta teh,ahh maneh mah ngabohong.” :”Bener,da urang teh sabenerna Iteung punteun urang teu ngaku,kus abab Iteung Iteung isin ka infotaiment,punteun nya Kabayan.” Kabayan :”Tah ieu kakara iteung anu kang Kabayan kenal.Teras rencana Iteung bade naon ka dieu?” Iteung :”Iteung mutuskeun rek ngiring kang Kabayan ka Kampung.” Di tukangeun manehna aya Ayanti anu ngadangukeun manehna dua’an ngawengkong.Ayanti ngarasa sedih teras mutuskeun angkat ka luar kota. Ayanti :”Aww.”(Sabari nabrak Cenang ) :”Ari maneh nakunaon nabrak kuring,tuh pan buuk kuring acak -acakan.” Nanang Ayanti :”Ah,awas maneh banci.”(Sabari ninggalkeun Cenang jeung Nanang ) Cenang :”Ihh,meuni kaktus pisan.” :”Salah ari maneh lain kaktus,ketus kuya..!” Nanang Cenang :”Oh enya-enya.”
Isukna,Iteung ngiring mulang ka desa teu puguh jeung si kabayan,Kabayan,Iteung jeung sobat-sobatna mutuskeun ninggalkeun dunia hiburan.Akhirna mah kahirupan di desa balik deui siga baheula. ITEUNG SARENG KABAYAN TEH HIRUP BAHAGIA
“TAMAT’’
AYA NAON JEUNG ITEUNG
1.
Iteung
2.
Kabayan
3.
Abah
4.
Ambu
5.
Ocoh
6.
Acih
7.
Tukang Jamu
Kacaritakeun di hiji lembur aya hiji kulawarga ngaranna kulawarga Kabayan.Dina hiji poe kacaritakeun Nyi Iteung keukeuh hayang meuli tv Iteung: Akang ... akang...! Kamana atuh si akang teh? Akang...akang..iih nyi iteung meuni geus lieur neangan? Kabayan: Aya naon atuh Iteung? Meni asa rariweuh ieu teh. Titadi hayoh we pulang anting kaditu kadieu. Aya naon atuh? Iteung: Akang pokona mah Iteung hayang apal, isukan akang kudu meuli tv jang Iteung! Kabayan: Ke heula atuh Iteung! Meni asa tara-tara ngadadak hayang dipang meulikeun tv, nya kunaon kitu? Iteung: Ah pokona mah Iteung hayang tv, mun teu dipangmeulikeun Iteung rek bebeja ka si Abah! Kabayan: Ari masalahka si Abah mah gampang atuh Iteung, paling oge si Abah nitah ngajual domb. Matak geus ayeuna mah ulah waka bebeja heula! Iteung: Aeh-aeh si Akang pinter oge nya. Sok atuh ayeuna mah geura jual buru-buru dombana ngarah Iteung buru-buru boga tv!
Kacaritakeun Iteung geus meuli tv, tvna ditunda di kamar.
Abah: Ambu! Ambu! Kadieu geura sakeudeung! Ambu: Aya naon abah! Abah: Itu tenjo geura kaditu...kakamar Iteung meni asa rame, aya naon nya? Sugan pasea jeung siborokokok... Ambu: Iteung ari eta tv meunang timana meuni weuteuh keneh pian?
Iteung: Nya meunanng meuli atuh ambu! Kapan iteung teh ka mari teh tos ngajual domba jeung kang Kabayan tah duitna ku Iteung di beulikeun kana tv. Ambu: Nya si kabayan bogaeun domba timana? Iteung: aeh aeh ari Ambu! Pan Iteung teh ngajual domba nu abah, da ceuk kang kabayan oge lamun Iteung bebeja ka abah hayang meuli tv, abah bakal ngajual heula domba. Abah: Haah!!..naon domba abah dijual ku siborokokok?..dasar minantu kurang ajar. Kamana si borokokok Kabayan... Kabayan! Ambu: Sabar atuh abah ulah waka ngambek! Ka sikabayan urang tanya heula sing bener. Bari gitu sangu ku ambu geus disiapkeun dina meja, hayu urang dalahar heula! Abah: Pokona lamun si borokokok datang kadieu, ku abah rek ditampiling siah!! Kabayan: Assalaamu
’
alaikum! Abah, Ambu, wah kabeneran geus ngariung, asa rada lapar yeuh!!!
Abah: Aya naon siah kadieu?!!? Kabayan: Hehe...aeh Abah ari lemesna pangambung abah teh naon? Abah: Cucungik sia kehed!! Kabayan: Atuh eta dina cucungik sia kehed aya remeh. Matak ge ari tuang tong rarusuh teuing.. Abah: Naaa ari maneh ngomong teh teu sopan pisan, domba aing dikamanakeun? Hah!! Kabayan: Geus dijual da nyi Iteung hayangeun tv, jadi abi ngajual domba abah. Abah: Naha atuh bet ngajual domba nu dewek?..usaha sorangan! Dasar si borokokok! Kabayan: Nya atuh abah ari kitu mah,abi isukan rek indit nyoba ka Jakarta jeung nyi Iteung. Iteung: Naon akang? Iteung rek dibawa ka Jakarta?
Kacaritakeun nyi Iteung jeung Kabayan arindit ka JakartaSataun ti harita, kacaritakeun nyi Iteung jeung kabayan balik ti Jakarta, nyi Iteung balik ti Jakarta jadi rada seksi.
Iteung: Heh! Ceu! Apal teu kamari Iteung tos dibawa ka Jakarta ku kang Kabayan, meni rame siah di Jakarta mah.. Ocoh: Nya aya naon wae di Jakarta teh? Iteung: Wah!! Di Jakarta mah aya monas meni jangkung, kapan eta teh meunang nyieun kang kabayan. Terus iteung di ajak asup kana keong emas, meni badag siah, eta oge sarua meunang nyieun kang kabayan. Acih: Naha bet Iteung buru-buru balik kadieu? Iteung : Kapan ceuk kang kabayan oge eta monas jeung keong emas anu gede teh jang Iteung, ke rek dibawa kadieu.
Tukang Jamu: Wah meni hebatnya salakinyi iteung mah bisa nyieun monas jeung keong emas. Iteung: Eh kang kabayan tea atuh, salaki iteung pokona mah. Iteung ayeuna mah geus teu hayang tv, da nu sok aya dina tvna ku kang kabayan rek di bawa kadieu. Tukang jamu: Wah maenya?? Iteung: eehenya, da ceuk kang kabayan oge lamun engke kang kabayan balik, iteung rek di pang meulikeun monas, keong emas, kapal,.. wah pokona mah sagala rupa. Malahan mah domba si abah oge cenah rek digantian ku kang kabayan. Acih: Cageur kitu si Iteung teh?? meni asa ngacaprak ngomongna teh.. Ceu! Ceu! Hayu ah urang balik! Ocoh JeungTukang Jamu: Hayu atuh!! Iteung: Hey..Ceu ceu. Tungguan Iteung! Maenya iteung ditinggalkeun didieu sorangan..
Akhir carita nyi Iteung jadi beunghar ngan hanjakal jadi jalma sombong.